Sabtu, 03 Januari 2015

Batik dan Naskah Nagara Pageuh


BATIK

Batik Nj Sie Djien Soen

Prasasti Juru Pangambat

Inyana Kaulanun Ning Cita Samaya
Seja Mipat Amit Ngala Menta Kersaning Gusti Hyang Tunggal
Nyuhun Widi Restu Damping
Para Rumuhun Nu Ngaraga Sukma Lelembutan
Ini Sabda Kalandara Rakryan Juru Pangambat
I Kawih Aji Panca Pasagi Marsa Ndesya
Barpulihkan Aji Sunda
Kidung Luhung Ti Karuhun
Sasaka Pusaka Buhun
Hayu Urang Suhun Ngalap Dangiang Rumuhun
Ti Kulon Ti Wetan Kaler Kidul Seug Pamitan
Hayu Urang Maruka Wiwitan
Kidung Sunda Nur Buatan
Inyana Kaulanun Ning Cita Samaya
Nu Rek Inya Twah Nu Surup Ka Nusa Larang
Pakeun Heubeul Jaya Di Buana, Pakeun Nanjeur Na Juritan
Seja Ngalaksana Purbatisti-Purbajati
Para Pangagung Mwah Pangluhung
I Sunda Sambawa Sunda Mandala
Bayu Sabda Hedap Dening Salira
Seja Ngalap Dangiang Rumuhun
Maruka Sasaka Pusaka Buhun
Pakena Gawe Rahayu, Pakena Kerta Bener
Bhagya Bari Pakena Bener, Pakeun Nanjer Na Juritan
Salamet Na Kerta Tuhu, Pakeun Heubeul Jaya Di Buana
Sembah Pangabaktos Kapihatur
Lahunjuk Panjenengan
Hyang Prabu Tarusbawa
Purbatisti-Purbajati
Pakeun Maruka Wiwitan Sasaka Pusaka Buhun
Ahung !
  • Stumble This
  • Fav This With Technorati
  • Add To Del.icio.us
  • Digg This
  • Add To Facebook
  • Add To Yahoo

1 komentar:

Unknown mengatakan...

Sampurasun kang, punten badé tumarostumaros, éta naskah nagara pageuh aya translate na teu?

Posting Komentar