Sabtu, 03 Januari 2015

Prasasti Kawali

nu miang

Peuting kamari, urang gogojakan, lalawuhna mah biasa we teu jauh ti kopi moka jeung udud :), malah diselang dat dit dut na hitut heheh, ngeunah sumringah ngobrol kaditu kadieu, gerrr deui ceuceuleukeuteukan ari aya obrolan nu nyeleneh. Antukna mah carape, ningali jam leuh gening geus leuwih tengah peuting, Isa heula, terus ting harening madep ka MantenNa, muji syukur, beres kitu ngobrol deui bari gogolehean atra pisan sora-sora sato peuting panganteur nu keur leuleunyepan dibarung ku selang-selingna obrolan.
kujangkawangi
Gening peuting eta peuting urang rek paturay, da gening ki dulur rek ngumbara neruskeun nu jadi pangharepan. Teu bisa dibibisani ari hate aya nu leungit, tapi lamun nembrakeun rarasaan asa kurang merenah kanu rek lunta, bral miang ki dulur, sing lungsur langsar hasil anu dicita-citakeun. Titip Kujang Kawangi hasil babarengan urangnya Lur…Cag.

Kawali

Geus diniatan ti poe jum’at, susuganan kaparengkeun teu aya halangan, mun teu sabtu nya poe minggu rek ulin ka kawali, sakalian motret prasasti… ngahaja nginjem heula kamera teh ka kantor.
Poe sabtu enya we aya halangan, beberes sakumaha kabiasaan upami kuring mulang ka lembur, malah aya panggentra ti Ki Dulur nu nuju ngumbara di Cirebon, cenah mah ulin atuh kadieu sakalian ningali pameran budaya tosan aji.  Meni nyurucud ngadangu kitu teh, enya atuda ari kituna mah da kuring resep kana parabot (resep ku pamor jeung ukirana anu aralus tur apik ngajieuna). Ka kidulur kuring mere alesan teu bisa, da aya gawean di imah, ongkoh deuih kuring geus buled paniatan rek ka kawali poe mingguna.
Angger ari arek kamamana teh sok teu bisa sare meni geura hayang isuk-isuk (heheh). Poe minggu, rebun-rebun geus sasapu diburuan, itung-itung olah raga, da kabeneran ku indungna barudak tadi peuting mah teu dibere heheh (lemah pisan). Tapi ketang ngahaja itung-itung saum (huhuy) da boga paniatan tea. Jam 8 treng, kuring geus sageud, bisi beurang teuing kadituna, jaba dibahanan catetan kudu ka pasar heula, weuhh aya-aya wae rek pelesiran teh :).
Gancang carita, kuring geus nyebret numpak si jagur di anteur ku Kang Nanang, sapanjang jalan nitetan kaayaan pilemburan nu kaliwatan, leuh teuing ayeuna mah beuki rame gening, beuki gegek. (rumasa kituna mah sapopoe ngumbara di puseur dayeuh, ari mulang ngotok ngowo di imah).
prasasti
Kira-kira jam setengah sapuluhan, kuring anjog kanu dijugjug. Hawa tiis meni nyecep, sababaraha pengunjung geus aya, loloba na mah biasa we rumaja nu hanuet-haneut keur baleger. Amitan heula kanu jaga di Situs, maksud jeung tujuan dicatet dina buku. Meni aya ku resep geus dijero mah, ningalian prasasti, ditengetan, naon maksudna!, blenk pisan, nu kapikir aya ku endah karyana, sakitu. Pokokna mah resep, ngke ah di teruskeun deui….

Oleh-oleh Kang Asep (ti Cirebon)

Gambar di handap ieu kintunan Kang Asep basa kamari ningalian pameran budaya tosan aji di Cirebon. Hatur nuhun pisan Kang Asep katampi pisan ku sim kuring, weuhh meni kabita mung hanjakal abdi teu tiasa amengan, da di lembur nuju kuriak :). Padahal mah pangnyulikeun hiji mah heheh.
kujangnaga
kujangwayang
kereta
  • Stumble This
  • Fav This With Technorati
  • Add To Del.icio.us
  • Digg This
  • Add To Facebook
  • Add To Yahoo

0 komentar:

Posting Komentar