Sabtu, 26 Oktober 2013

Sindu Sandi Sunda

Runtuyan Pa-Ra Buyut jeung Sang Rumuhun (Karuhun) bangsa Sunda dingawitan ti daerah Su-Mata-Ra. Ngarebu taun aranjeuna hirup-hurip di Mandala Hyang (Mandailing) daerah Ba-Ta-Ka-Ra nepi ka wilayah Pa-Da-Hyang (Padang).

Kasebut ajaran anu diagemna teh "Su-Ra-Yana" (ajaran Surya) ti daerah Ba-Ta-Ra Guru (Dn Toba). Hiji mangsa Gn. Batara Guru bitu nepi ka beak congcotna, sesa satengah ayeuna jadi talaga anu pohara gede (luas lingkaran 100 Km). Ceuk carita, salila 3 bulan dunia ka rungkup ku peokna lebu.

Laju robah jaman ganti lalakon, Mandala Hyang dialihkeun ka Gn. Sunda anu ayeuna katelahna Gn. Krakatau (Ka-Ra-Ka-Twa)... harita mah can aya anu disebut "nagara" nu aya ge saukur "wangsa" (bangsa)... wilayah Mandala Hyang disebutna "Buana Nyungcung" kusabab luhur. Ari keur maya Pa-Da mah (jagat raya) aya sesebutan anu lian nyaeta; Buana Agung/Ageung/Gede (Jagat Ageung) jeung Buana Alit (Jagat Alit), kecap "buana" dibeda jaman disebutna "banua" atawa "benua".

Puncak Pertala di Buana Nyungcung Gn. Sunda dijadikeun Mandala Hyang, kitu oge gelar Ba-Ta-Ra Guru-na ngagentoskeun ciciren anu parantos tilem. Di jaman ieu kahirupan wangsa nunjukeun kamajuan anu luar biasa, kahirupan wangsa di darat ngembangkeun diri ngolah lautan (*meureun ieu cikal bakal ayana parahu teh). Katelah ieu daerah disebut "Buana A-ta" (buana anu teu oyag/ panceg/ kokoh kuat... maksudna "gunung" Sunda)... ku bangsa deungeun mah disebut "Atalan" (...sigana mah Ata-Land).

Kamajuan dina sagala rupa (di darat jeung di laut) eureun dimangsa bituna Gn. Sunda (Ka-Ra-Ka-Twa), daratan kabagi dua (jadi Sumatra jeung Jawa). Kabeh banda bukti kamajuan jaman beak teu nyesa milu teuleum jeung taneuh-taneuhna. Anu nyesa tangtu bae teu mangrupa banda, nyaeta ajaran Su-Ra-Yana.

Sarua jeung kajadian di Batara Guru (Toba) anu wilayahna nepi ka Pa-Da-Hyang, tah kitu oge jeung Batara Guru (Sunda) anu wilayahna nepi ka Pa-Ra-Hyang (*jadi aya "Padang" oge aya "Parang").


Tuluy eta ajaran Surayana teh dibawa di teruskeun ku Prabhu Sindu (Sang Hyang Tamblegmeneng putrana Sang Hyang Watugunung Ratu Agung Manikmaya) maka katelahna Surayana teh jadi Sundayana (ceuk sepuh; Sindu Sandi Sunda). Ajaran Surayana/ Sundayana anu diajarkeun ku Prabhu Sindu terus nyebar ka sakabeh dunya.

Perjalanan Prabu Sindu di wilayah Jepang, anjeuna disebut Shinto (beda logat), muja ka Sang Hyang Manon (Na-Ra) ku bangsa Jepang oge dijieun Bende-Ra. Terus lampah beuki ka luhur ka India...tug nepi di hiji walungan gede anu ngabeulah hiji lembah, engke disebutna Lembah Sungai Sindu (Hindus ceuk Barat mah)...tepatna di wilayah Jambudwipa.

Perkembangan eta ajaran luar-biasa pisan nepi ka ngalahirkeu hiji peradaban anu luhung "Mohenjodaro & Harapa" (Maharaja Sunda-Ra jeung Pa-Ra-Ha/Hu) persis we jiga di Lembang jaman baheula (ayeuna mah geus teu aya sesana pisan).

Ajaran Prabu Sindu anu saterusna sok disebut agama Hindu...padahal mah eusina Surayana (Sundayana)... sesa ajaran anu percis pisanmah aya di Bali. Aya oge Sunda Wiwitan...nya kitu keneh ari eusi ajaranna mah teu beda jauh, muja alam jeung panon poe jadi panutan... tah eta anu sabenerna disebut Agama Langit mah...tapi tuluy Sundayana teh disebut Animisme...Dinamisme... jsb.
Maka nyasab we sakabeh bangsa urang teh...leungit jati dirina, pareumeun obor....tangtu we baris rusak oge nagara jeung bangsana.

Analisa pametaan ajaran jeung pusat pamarentahan aya di foto Sundapura.
  • Stumble This
  • Fav This With Technorati
  • Add To Del.icio.us
  • Digg This
  • Add To Facebook
  • Add To Yahoo

0 komentar:

Posting Komentar