Jumat, 13 Desember 2019

Prasasti Kawali Pada Masa Kerajaan Sunda Dan Galuh

Poe sabtu enya we aya halangan, beberes sakumaha kabiasaan upami kuring mulang ka lembur, malah aya panggentra ti Ki Dulur nu nuju ngumbara di Cirebon, cenah mah ulin atuh kadieu sakalian ningali pameran budaya tosan aji.  Meni nyurucud ngadangu kitu teh, enya atuda ari kituna mah da kuring resep kana parabot (resep ku pamor jeung ukirana anu aralus tur apik ngajieuna). Ka kidulur kuring mere alesan teu bisa, da aya gawean di imah, ongkoh deuih kuring geus buled paniatan rek ka kawali poe mingguna.
Angger ari arek kamamana teh sok teu bisa sare meni geura hayang isuk-isuk (heheh). Poe minggu, rebun-rebun geus sasapu diburuan, itung-itung olah raga, da kabeneran ku indungna barudak tadi peuting mah teu dibere heheh (lemah pisan). Tapi ketang ngahaja itung-itung saum (huhuy) da boga paniatan tea. Jam 8 treng, kuring geus sageud, bisi beurang teuing kadituna, jaba dibahanan catetan kudu ka pasar heula, weuhh aya-aya wae rek pelesiran teh :).
Gancang carita, kuring geus nyebret numpak si jagur di anteur ku Kang Nanang, sapanjang jalan nitetan kaayaan pilemburan nu kaliwatan, leuh teuing ayeuna mah beuki rame gening, beuki gegek. (rumasa kituna mah sapopoe ngumbara di puseur dayeuh, ari mulang ngotok ngowo di imah).
  • Stumble This
  • Fav This With Technorati
  • Add To Del.icio.us
  • Digg This
  • Add To Facebook
  • Add To Yahoo

0 komentar:

Posting Komentar